Kamis, 15 Maret 2012

Ari jelema kiwari mikir na kumaha ??!!

Ieu judul postingan teh moal kapanggih naon maksudna lamun teu dibaca nepi ka tamat. Matakna maca na nepi ka tamat nya.
Saacan na kuring rek nyarita heula ka ilaing baraya.
Dengekeun nya...

Baraya, kuring rek nyarita peuting ayeuna ka ilaing. Kuring teh nyeri hate, kuring raheut manah. Lamun kudu dicaritakeun kabeh mah, kuring ceurik balilihan. Kunaon? ilaing mah nyangka na kuring nyeri hate ku awewe nya? heuh.. lain.. lain eta, lain pisan. Raheut hate ku awewe mah lain caritaeun deui da eta mah geus langganan hirup kuring apan. Da beungeut kuring goreng patut lin, nya beureum nya berewes. Tapi, angger kuring leuwih alus ti batan bujur munding mah. Heuheuheu...

Balik deui ah kanu tadi. Ulah kamana karep we nyarita teh nya. Hampura kuring mah lamun ngadongeng atawa nyarita sok nyambung kaditu kadieu. Da puguh atuh kuring mah tukang nyarita lin ti baheula ge. Geus geus,,, urang lutuykeun aeh tuluykeun deui we carita kuring na nya.

Tah kieu baraya, bulan kamari kaula teh meunang kabingah sabenerna mah. Mun teu salah mah ping 9 Februari aya ucing anu ngajuru di imah. Kapanggih na ge ku indung kuring dina jero lomari baju kuring. Ai eta ucing teh keur merejelkeun anak-anakna pisan basa kapanggih ku indung kuring teh. Naha kuring bingah? Da eta bali na teh aya keneh napel keneh. Cenah, ceuk kolot baheula kamun aya ucing anu ngajuru di imah tuluy ninggalkeun bali na. Lamun ku urang dibawa bisa jadi milik urang. Eta ucing teh ngadatangkeun barokah keur urang. Barokah na mah ti gusti Allah, ngan cenah eta tanda na urang bakal meunang barokah. Bener atawa henteu na mah kuring ge teu nyaho, da cenah eta ge. Ngan indung kuring mah da kolot baheula anu nyepeng keneh adat karuhun. Budaya karuhun teh budaya anu bisa nengtremkeun hirup sabenerna mah lamun ku urang ditalungtik. Ngan ayeuna mah da cenah geus loba bid'ah tea jadina. Nya keun we, da anu bener mutlak jeung absolut bener mah iwal ti gusti Allah. Tah indung kuring teh reuwas tapi bari jeung atoh eta bali na aya keneh. Da biasana ucing atawa sato-sato mah lamun ngajuru bali na sok tuluy dihakan. Teuing ngarah naon na mah. Dina teu didaharna oge, lamun jelema ngadeukeutan tuluy rek nyokot bali na, biasana eta sato teh sok nyangereng ka jelema. Ciri na teu rido bali na dicokot. Teuing bener atawa salah ieu panalungtikan kuring teh, da kuring mah lain sato. Eta mah ceuk rarasaan kuring we teu rido teh, da ai rarasaan mah sok beda jeung rasa. Ari ceuk rarasaan mah teu rido, boa ai ceuk rasa mah eta ucing teh lain teu rido. Tapi nanaonan ai jelema kudu mawa bali sato sagala, geus puguh diala daging, kulit jeung sajaba na mah sato teh. Atuh ai bali-bali teuing mah cik we atuh mikir euy jelema! Kitu meureun, ai eta rasa keneh keitu nya? atawa rarasaan keneh? asa sarua keneh eta teh teu rido teu rido keneh nya? ah bae we, nu penting mah kuring nulis di dieu teu sautik teuing nya. Disambungkeun we da geus aya internet anu bisa ngahubungkeun jarak jauh. Asa beuki ngaco ieu teh ah.. Heuheuheu... ilaing mah da sok mangpalerkeun wae da ah.

Tah, barara..
Sanggeus nenjo eta bali ucing teh, indung kuring buru-buru nyokot pakarang keur megatkeun bali ucing na. Jeung kabeneran pisan eta ucing teh teu nyangereng, malah mah nenjo indung kuring megatkeun teh cicing we. Buru-buru we di bawa ku indung kuring teh eta bali na. Teuing di kumahakeun tah, jigana mah rek dijieun pais bali meureunannya. hahaha...
Ai kuring mah bingah na lain ku eta, ngan nenjo ka eta bilatung-bilatung anu karek merejel tina beuteung indungna. Aya lima mun teu salah mah. Can baruluan, can bisa leumpang, can bisa usik.

Carita na geus we nya ti saprak ngajuru eta, eta ucing teh ngurus anakna di tukangeun lomari baju kuring. Kuring ge teu ieuh nganganggu, antep we sina disusuan sina diurus ku indungna. Sababaraha minggu ti poe ngajuru na, eta ucing anak na teh geus raeng disada. Tuluy geus barisaeun leumpang. Sakapeung sok nolol ti balik lomari teh kaluar nenjo kuring nu keur cicing. Tuluy asup deui. Tuluy kaluar deui. Nyusu ka indung na. Kuring bingah na mah karek harita tah. Eta bilatung teh mani lalucuuuuu pisaaaan baraya. Ngan kuring rada balueng naha ngan aya 4. Naha nu 1 deui na paeh kitu. Ah, kuring ge teu apal. Ngan eta nu 4 ucing anak na teh mani gareulis pisan katempona. Nu hiji mah bulu na kawas indungna, bulu hiris. Anu hiji deui ampir sarua jeung indung na, ngan dina beuheung na bulu na bodas. Anu hiji deui mah bodas kabeh buluna teh, ngan buntut na warna oranye, jeung ceuli anu kenca na warna oranye. Anu hiji na deui, tah eta anu paling montok paling denok, si bikang anu kacida lucu na pisan. Mani demplon teh ieuh baraya. Geulis lamun jelema mah. Bulu na ge aya 3 warna. Bodas, hideung, jeung oranye. Eta warna na teh nyampur jadi hiji kombinasi warna anu aluuusss pisan. Tah di handap kuring boga foto si demplon.

Bulu na tilu warna, buntutna pondok tapi kandel buluna, ceulina leutik jeung pondok

Awak na montok nya baraya? si demplon tea...



Kumaha baraya eta si demplon teh? Tah eta teh foto na basa geus sabulan umurna. Ku kuring di bere ngaran nyasu. Naha nyasu? kieu carita na..

Baraya, lamun nyeoertikeun sora ucing kumaha? meong? miaw? meng? atawa naon? Tah ngaran nyasu ge dicokot tinu sora anu disepertikeun ku jelema. Tapi naha jauh tina meong, miaw, atawa meng kanu nyasu nya? heueuh da eta ceuk jelema di urang meong soteh. Ai ceuk urang jepang mah da sora ucing teh cenah "nyaaa". Tah nu matak kuring ge nyokot na ti dinya, ngan ai nya teuing mah da ngewa jadi ngaran atuh, ditambahan we ku kuring jadi nyasu. Jadi lamun di geroan teh "nyaass.. nyaass..". Kuring atoh pisan nyonyo'o na ge da lalucu pisan eta ucing teh.

Naha atuh kuring jadi nyeri hate nya?
kieu caritana.. masih keneh aya terusan na ieu teh baraya. Cing sabar we maca na. Da jelema anu resep maca mah loba elmu na. Ku maca urang teh jadi nyaho loba hal. Matakna biasakeun jeung budayakeun maca teh. Kudu jadi jelema nu pinter maca urang teh. Maca aksara mah puguh, tapi nu leuwih penting mah maca diri urang sorangan nya baraya.

Mimiti na kuring sedih teh kieu. Ucing teh aya opat tapi anu dua di penta ku dulur kuring dua. Kuring teh sabenerna teu rido da eta ucing teh nyarusu keneh. Kuring ngabayangkeun lamun eta ucing dipisahkeun ti indung na rek kumaha. Asa ngabayangkeun orok jelema teu disusuan sok bakal kumaha? Kuring tidinya jadi teu genah hate pisan. Rada hariwang ka ucing nu dua di bawa ku dulur bari dibawa na ge keur kuring euweuh di imah deuih.

Tah, kahariwang kuring teh jadi nyata. Mimiti na, indung na ucing teh katempona rada teu sehat baraya. Ai keur sabulan mimiti mah sehat, ngan teuing asup ka bulan kadua eta indung ucing teh sesebreng wae. Jiga na meunang salesma lamun jelema mah, mflu cenah mah. Bari jeung panon na teh belekan wae. Teuing ku naon kuring oge teu nyaho. Tah, ai ucing mah boga panyakit kitu teh sok babari nepa. Nepa we ka anak-anak na. Anu mimiti ka tepaan si nyasu. Da ngan kari dua deui. Anu bodas mah deus dibawa jeung anu bulu hiris tapi beuheung na aya bodasan. Anu jalu bulu hiris jeung si nyasu jeung kuring di imah jeung indungna. Si nyasu ti dinya jadi sesebreng wae, jeung belekan wae. Kuring rajeun sok ngaberesihan belekna unggal isuk diusap ku tisu jeungcai handeut. Tapi angger da ai geus katarajang panyakit mah sok aya belekan wae. Ai si jalu mah henteu kunanaon, sehat tur jagjag jeung lincah deuih. Teuing pedah bikang kitu jadi fisik na teh lemah.

Teu eureun ti dinya baraya. Sanggeus kitu teh, indung ucing na ngadak-ngadak ngiles sababaraha poe. Kuring bingung ieu anak ucing euweuh nu nyusuan. Mangkaning keur nyarusu keneh can bisa dibere dahar nanaon. Atuh kuring neangan susu anu bisa cocok keur ucing. Tapi angger sadisusuan ku kuring, da leuwih alus ku indung na. Ku kuring mah sok rada hese ari disusuan teh. Sakapeung indung na datang deui. Ai teun teh katempona gering na teh parah pisan. Nepi keun embung nyusuan da sieun katepaan meureun barudak na. Di sarandean jeung disampeurkeun ge kalah ngiles eta ucing teh. Atuh teu disusuan deui eta anak ucing teh. Kuring jadi mikir, naha eta indung ucing teh kagegeringan lantaran anak na euweuh dua atawa kunaon nya? Aduh, kuring teu genah hate. Kuring karunya ka indung ucing na tapi nu leuwih karunya ka anak-anak na nepi ka teu disusuan. Atuh sababaraha pie teu diurus ku indungna teh, anu gering kalah beuki gering jeung meotan. Padahal mah si nyasu teh anu pangdemplon na, tapi jadi peot jeung cicingeun. Ngan anu jalu mah angger sehat jeung lincah. Tapi teu lila ti eta basa panggih deui jeung indung na, si jalu ge katepaan deuih. Atuh kuring beuki karunya. Oh heueuh, da si jalu ge boga ngaran baraya. Kuring poho can nyarita nya. Eta ngaran na teh si kuro. Nya geus we lah tong loba nganaha naha, nu jelas kuring hayang mere ngaran eta ka si jalu. Titik.

Atuh ayeuna na mah jadi duanana gering ucing teh. Tapi, si nyasu mah lain gering biasa deui baraya. Disusuan geus embung ku kuring teh. Napsu dahar na teh ngurangan pisan. Awak na beuki peot. Beuki cicingeun, sare jeung sare we pagawean na teh. Ngaringkuk wae eta ucing teh. Kuring beuki teu genah hate, sieun si nyasu paeh. Tuluy we kamari ping 12 Maret, kuring balik ka imah nyampak di kamar si nyasu teh aya dina tehel bari jeung ngagoler leuleus. Ngarenghap na jiga nu eungap, panon na peureum. Tuluy ku kuring teh di angkat hulu na. Masih keneh hirup, ngan basa ku kuring dipangku. Suku na teu usik, leuleus pisan. Kuring reuwas, naha nepi ka kitu. Naha leuleuseun kitu gara-gara kurang asupan dahareun? Naha geus teu kuat ku panyakitna.. Kuring ngagukguk nyeungceurikan si nyasu, mihareo si nyasu teu kunanaon. Ku kuring geuwat di bere susu si nyasu teh. Tapi si nyasu teu bisa calangap jeung ngaletak susu na. Kuring beuki reuwas. Kuring bebeja ka bapa kuring. Tuluy ceuk bapa kuring teh, ah geus we eta mah samet dieu meureun umurna. Geus euweuh harepan. Atuh kuring beuki sedih. Kuring teu kuat, jeung karunya pisan nemppna ge. Kuring teu kuat pisan tungtungna ku kuring di golerkeun dinu tampat sare na di bere kaen anu kandel ngarah handeuteun. Ku kuding diantep bari diteuteup. Emang ajalna geus waktuna, eta si nyasu tungtungna mah teu ngarenghap deui bari suku na laleuleus teu walakaya. Kuring ngagukguk deui ceurik. Teu kuat pisan kuring nahan cipanon. Asa kaleungitan orok, asa kaleungitan jelema anu dipikanyaah. Kuring nyeri hate pisan, si dempon anu lucu anu sok dibawa ulin ku kuring ayeuna geus euweuh. Haduuuhhh.. jabaning indungna euweuh. Kuring lungse bari mikirkeun kumaha persaan indungna ieu apal anak na paeh. Geus mah leungit dua anakna dibawa ku dulur kuring, nu hiji ayeuna paeh. Astagfirullah... Innalillahi wa inna illaihi roji'un. Sim kuring sadar kanu katerangan ti kanjeng rosul. Satiap mahluk anu nyawaan pasti bakal pinanggih jeung ajalna. Sanajan beurat, kuring ngabebenjokeun maneh we. Kuring tuluy indit ka tukang imah, didinya aya tanah kosong. Kuring ngagali taneuh na tuluy si nyasu ku kuring di kuburkeun. Bari ceurik kuring balik tuluy neangan si kuro. Kuring hayang mangku si kuro.

Kuring mangku si kuro tuluy ngajak ngobrol si kuro jiga jeung jelema. Kuring jiga nyarita ka budak leutik we. Kuring ngomong yen si nyasu teh geus paeh, manehna ayeuna tinggal sorangan. Indungna jeung dulur-dulurna euweuh. Bari ceurik ku kuring diusapan jeung di pangku bari nyarita ka si kuro. Teuing si kuro ngarti atawa henteuna mah, tapi si kuro tuluy cicing ningalikeun kuring. Tuluy ngagoler dina pankuan kuring. Jiga nu ngarti kana caritaan kuring si kuro tuluy jiga nu ceurik. 'eok 'eokan bari lungse. Tuluy we kuring kasarean bareng sare jeung si kuro. Saacan na ku kuring si kuro difoto heula dinu pangkuan kuring.

si kuro dinu pangkuan kuring

Teu lila kuring lilir tuluy ningali dinu pangkuan si kuro masih keneh aya. Kuring neuteup si kuro bari tuluy kuring ceuirik deui. Kuring ngarasa nyeri pisan asa kaleungitan si nyasu. Jeung dinu sare teh kaimpi-impi deuih si nyasu teh. Asa leungit naon kitu tah baraya. Pokok na mah kuring nyeri hate pisan. Ditambah kuring karunya ka si kuro.
Kuring mikir, kumaha rarasaan si kuro hirup nyorangan bari euweuh indung, bapa, jeung dulur. Hirup di dunya na manusa anu can tangtu ngarti kahayang manehna. Naha teu keueungeun kitu? Da kuring mah pasti keueung. Aduuuh kurooo.. karunya teuing ilaing teh kuro. Ti saprak kajadian eta, si kuro beuki apet ka kuring. Lamun kuring balik timana-mana si kuro langsung nyampeurkeun. Lamun kuring keur sare manehna sok ngilu sare disisieun kuring. Kuring asa beuki nyeri hate pisan ningali si kuro jiga kitu. Karunya baraya,, karunya kuring mah. Kuring mah ngan miharep yen si kuro bisa hirup lila, bisa hirup sehat nepi ka gede na. Di panjangkeun umur na ku gusti Allah. Aduh ya Allah.. naha meni ka nyeri kieu ieu manah. Cacakan ieu teh ka ucing ya Allah. Komo deui lamun kaleungitan budak sorangan nya. Palias teuing.. amit-amit jabang bayi. Sanajan kuring can boga budak tapi geus kabayang kumaha nyeri na ieu hate lamun kaleungitan jiga kieu. Komo deui lamun kapikiran kahirupan budak nyorangan di lingkungan asing. Na'udzu billahi min dzalik.. Astagfirullahaladzim....

Tapi, kuring bingung..
Ai pipikiran jelema kiwari jiga kumaha ??!!

Kuring wae, kaelungitan budak ucing anu dipikanyaah ku kuring geus sakieu nyeri hate na. Tapi geus mineng kuring nenjo dinu media, yen loba jelema anu miceun orok na sorangan. Nepi ka paeh na eta orok nu dpiceun teh. Kumaha pipikiran ariyana teh wahey jeleme jelema ??!!
Coba pikiran tah ku otak jeung ku hate anjeun naon anu ku kuring caritakeun. Bayangkeun lamun eta budak ucing teh orok ilaing anu ku ilaing piceun!!
Naha anjeun teu nyeri eta hate? naha manah teh teu raheut?
Kalakuan ilaing anu salah mah ieuh. Anu lalakina naha atuh ari can siap boga budak mah make jeung ngareuneuhan awewe sia teh ?!!
Anu awewe na apanan geus apal meureun ilaing teh naon resiko na ? Jadi saha nu salah? Kari-kari ayeuna kalah miceun budak hasil tinu kalakuan salah ilaing. Nyunmputkeun kasalahan ku miceun budak, ngabebankeun tanggung jawab ka budak anu suci keneh. Anu can apal nanaon. Anu karek gejlig ka dunya ieu. Teu boga rasa kamanusaan aiyana teh ieuh? Cik ilikan ku ilaing ieu beungeutna. Naha ilaing tega miceun budak anu sakieu lucu na? Naha nyawa manusa teh ayeuna geus murah? Naha rasa kamanusaan teh geus leungit dinu jero diri manusa?

naha anjeun tega ngabebankeun tanggung jawab ka budak anjeun?

Sok pikirkeun ku ilaing cing sehat. Kuring lain rek mapatahan. Ampun paralun teuing lamun kuring wani mapatahan. Kuring ge rumasa jelema anu teu bener saterusna. Ngan kuring sok ngarasa nyeri. Ningali ucing wae kuring geus ceurik balilihan, komo deui ningali orok jelema anu sakieu lucu na. Aduuuhh.. palias teuing gusti, Cing ditebihkeun tinu kajadian anu teu dipikaharep.
Sok, ayeuna mah kuring geus moal ngomong nanaon deui. Kuring geus teu kuat deui. Kuring hayang ceurik... Kuring rek ngabebenjokeun maneh heula.. Astagfirullahaladzim.. T.T

Senin, 12 Maret 2012

Biografi Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya (Giri Harja 3)

Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya
Jenis kasenian wayang golek ngabogaan fenomena pangsoranganna di  dunya kasenian. Di mana ayana masih terus di mumule ambeh tetep hirup minangka salah sahiji hasanah Budaya Sunda, sanajan pementasanna dewasa ieu geus pohara langka sarta kawates dina tempat sarta kasempetan nu tangtu waé.
Lamun ngadangu ngaran Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya, mangka urang baris langsung bisa nginget Kasenian Wayang Golek anu mangrupa salah sahiji warisan pang berharga pikeun dimumule. Peunteun-peunteun luhung Seni sarta Budaya Sunda.

Wayang Golek vérsi Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya condong kana gaya kontemporer. Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya dilahirkan dina kaping  3 Séptember 1955 mangrupa putera ke-7 ti 13 duduluran putera-puteri Ki Dalang legendaris Abah Sunarya jeung Ibu Cucun Jubaedah.


Abah Sunarya mangrupikeun  nu ngagaduhan sarta pangadeg Padepokan Seni Wayang Golek Giri Harja. Sajaba Asep Sunandar Sunarya, anak Abah Sunarya séjénna anu profesina minangka dalang nyaéta Ade Kosasih Sunarya, Iden Subasrana Sunarya, Ugan Sunagar Sunarya, Agus Muharam sarta Imik Sunarya.
Asep Sunandar Sunarya anu nami alitna "Sukana" dina laku-lampah sapopoena saprak diuk di bangku SD tos nembongkeun sosok pribadi anu kreatif sarta dinamis dina gaul jeung babaturanana.
Réngsé ngenyam atikan di tingkat Sakola Dasar (SD) dina warsih 1968, Asep nuluykeun ka SMP. Dina mangsa-mangsa éta konsentrasi diajarna loba kaganggu ku hobinya neuleuman élmu pedalangan nepi ka lulus SMP warsih 1971.

Tekadna pikeun geura-giru bisa ngadalang ka motivasi ku bapana Abah Sunarya sarta lanceukna Ade Kosasih Sunarya sarta mamangna Lili Adi Sunarya. Sajaba ti éta ogé Asep Sunandar Sunarya nimba élmu pedalangan kalayan diajar ti dalang Cecep Supriadi, dalang kondang ti Karawang.
Asep Sunandar Sunarya ku cara soson - soson nuturkeun Penataran Dalang anu diayakeun RRI Bandung dina warsih 1972 sarta kacatet minangka Lulusan Pangalusna.

Padepokan Giri Harja dina warsih 1987 diresmikeun minangka Puseur Diajar Seni Pedalangan ku Menteri Penerangan RI anu dina mangsa harita dijabat ku Harmoko. Ayana Padepokan Giri Harja pohara pangaruh pisan  kana prestasi, kreasi sarta motivasi Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya minangka Dalang Wayang Golek Kontemporer.
Pangalaman sarta prestasi anu kantos dihontalna diantarana minangka Jawara Dalang Pinilih I Jawa Kulon dina Binojakrama Padalangan di Bandung warsih 1978 sarta warsih 1982. Sedengkeun dina warsih 1985 Asep terpilih jadi Dalang Jawara Umum tingkat Jawa Kulon sarta memboyong Bokor Kancana.
Pangalaman Asep Sunandar Sunarya ngalakonan muhibah ka luar nagari kacatet dina warsih 1986 minangka Duta Kasenian ka Amérika Sarikat. Warsih 1993 Institut International De La Marionnete di Charleville Perancis ménta Asep Sunandar Sunarya minangka Dosen Rongkah salila 2 bulan sarta dibéré gelar Profesor ku Masarakat Akademis Perancis. Pamungkas dina warsih 1994 Asep ngalakonan pentas kuriling nagara-nagara di wewengkon Éropa.
Nyondongna  Inohong Dalang sakaliber Asep Sunandar Sunarya geus méré kontribusi pikeun seni pedalangan hususna Wayang Golek minangka warisan seni sarta budaya milik masarakat Jawa Kulon.

Konsép sarta kreativitas pintonan Wayang Golek Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya geus méré kelir sarta gaya pangsoranganna.
Gaya pertunjukkan Wayang Golek Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya mangrupa nuansa anyar anu mecenghul di lingkungan Dinasti Sunarya. Hal anu pang metot sarta mangrupikeun ciri has Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya ieu téh kaahlianana dina ngokolakeun unggut atawa sabetan wayang kalayan tampilan humor atawa banyolan anu sentimentil, luwes sarta seger.
Ngeunaan cecekelanana dina Pakem Wayang dikaitkeun kalayan kreasinya anu disebut jelema kontemporer kawas dina pertunjukkan wayang sabot ditakol sirahna bisa ngaluarkeun getih atawa adu jajaten antara Si Cepot kalayan lawanana nepi kaLolongatawa sabot lawanana ngaluarkeunmie”, Numutkeun Kang Asep  yén hal éta teu pisan-pisan kaluar ti pakem. Hal ieu saukur mangrupa hiji usaha visualisasi ku cara memvisualkeunn carita dalang-dalang tiheula.

sumber

Kamus Besar Bahasa Indonesia (Online Version)

Kamus Besar Bahasa Indonesia
KBBI atau Kamus Besar Bahasa Indonesia mungkin bukan sesuatu yang aneh bagi baraya Sastra Jingga sekalian. Kamus yang tebalnya sesuai dengan namanya yaitu Kamus Besar ini merupakan kamus yang sangat lengkap yang berisi daftar kata-kata dalam bahasa Indonesia beserta makna, dan penggunaan kata-kata tersebut. Kata-kata yang terdaftar pun merupaka kata-kata yang sesuai dengan "Ejaan Yang Disempurnakan (EYD)". Mungkin baraya sekalian sering kebingungan ketika berhadapan dengan satu kata yang sering kita dengar namun kita ragu bagaimana cara menulis kata tersebut dengan benar. Contohnya, kata ihwal dan ikhwal. Manakah yang menurut baraya benar? Jelas yang benar menurut KBBI dan EYD adalah ihwal. Jika baraya mencari kata ikhwal dalam KBBI pasti baraya tidak akan menemukannya. Inilah salah satu fungsi dari KBBI yaitu membantu kita mengkonfirmasi kebenaran dari penulisan suatu kata yang sesuai dengan EYD.

Di sini astrajingga mempunyai sebuah informasi untuk baraya semuanya. Baraya sangat membutuhkan KBBI ini? Jika ya, baraya tepat sekali membuka postingan astrajingga mengenai KBBI ini. Sekarang baraya tidak usah lagi berat-berat membawa KBBI yang besar itu, dan tidak perlu mahal-mahal membelinya. Dengan kemajuan teknologi informasi, kini KBBI tersedia melalui internet (online). Kamus Besar Bahasa Indonesia online version ini tidak memerlukan penginstallan software khusus, cukup dengan membuka website nya dan langsung kita bisa gunakan. Tentu hal ini sangat memudahkan dan menguntungkan kita bukan. Gratis tanpa sepeser pun uang keluar kita bisa mencari kata-kata yang terhubung dengan database yang diambil dari KBBI. Jika baraya ingin langsung menggunakannya melalui website nya silahkan buka Kamus Besar Bahasa Indonesia online version dengan klik di sini. Atau jika baraya ingin langsung menggunakannya di blog ini, astrajingga sudah menyisipkan widget nya di bawah ini. Semoga apa yang astrajingga informasikan di sini dapat bermanfaat bagi baraya sekalian. Mohon bantuan baraya semuanya untuk dapat menginformaskan hal ini kepada khalayak ramai. Selamat menggunakan KBBI online version ini.

Kamus Besar Bahasa Indonesia

Kamus Bahasa Sunda Online

Baraya sastra jingga.. Ayeuna baraya teu kedah bingung, teu kedah hese-hese deui upami baraya teu ngartos upami ninggal blog Sastra Jingga seueur anu ku basa sunda. Sok kantun pilarian we hartos na dinu Kamus Bahasa Sunda online ieu. Kantun ketik naon kecap na, otomatis ke aya hartosna naon dinu basa Indonesia. Tiasa oge upami baraya bade ngahartoskeun kecap tinu basa Indonesia kanu basa Sunda..

Mangga kantun cek bae Kamus Bahasa Sunda teras pilari hartos kecap anu dipikahoyong ku baraya. Mung hapunten upami aya kecap anu teu aya kumargi panginten teu acan aya dina database na. Tong hilap bewarakeun ka dulur-dulur urang, urang dukung sagala rupi hal anu aya patula-patalina sareng kasundaan salami hal eta positif. HURIP SUNDA !

Tah ieu di handap gambar tampilan Kamus Bahasa Sunda online na.


Kamus Bahasa Sunda online 



Kumaha baraya? kabantos ku kamus ieu? Upami baraya masih keneh bingung, baraya tiasa ngontek astrajingga ku cara masihan komentar dinu postingan ieu. Hatur nuhun baraya Sastra Jingga sadayana. HIRUP SUNDA! HURIP SUNDA !

Minggu, 11 Maret 2012

Wayang Golek

Wayang golek adalah seni pertunjukan yang sudah menjadi ciri bersama di kalangan masyarakat Sunda. Pementasan wayang golek dengan dalang kondang selalu menyedot perhatian masyarakat untuk menontonnya. Tradisi menonton wayang ini seakan sudah menjadi fenomena tersendiri di Tatar Sunda. Para penonton datang dari berbagai pelosok, membawa tikar, kain sarung untuk menutup tubuh sekadar mengusir hawa dingin. Ya, pertunjukan wayang golek biasa dilaksanakan hingga menjelang adzan subuh berkumandang. Tidak heran, jika masyarakat tumpah ruah demi menyaksikan pertunjukan teater boneka kayu tradisional ini. Ini seakan sudah menjadi media pemersatu masyarakat Sunda melalui media seni.

Pementasan wayang golek biasa dilaksanakan dalam beragam acara (sebagai hiburan): acara perkawinan, sunatan, ulang tahun, hingga peresmian. Yang mengundang group wayang golek biasanya dari rakyat biasa, juragan/bangsawan/tokoh masyarakat, hingga lembaga pemerintahan. Tradisi nanggap wayang golek telah menciptakan pola sosial dan pola budaya tersendiri di tanah Sunda. Wayang golek pun mengalami perkembangan dari zaman ke zaman. Jika dulu mungkin hanya bisa disaksikan langsung di tanah lapang, sekarang dengan kecanggihan multimedia, kita bisa menikmatinya lewat VCD/DVD, mendengarkan di kaset/ radio, atau sekadar menontonnya di dunia maya seperti di Youtube. Ada banyak pementasan wayang golek yang sengaja diunggah di dunia maya. Ini sebagai bukti bahwa masyarakat masih mempunyai rasa kareueus (bangga) dan katineung (merindukan) kesenian tradisional wayang golek ini.

Dalam pertunjukan wayang golek dikenal dalang, nayaga, dan sinden.
- Dalang dalam dunia pewayangan diartikan sebagai seseorang yang mempunyai keahlian khusus memainkan boneka wayang. Keahlian ini biasanya diperoleh dari bakat turun-temurun dari leluhurnya. Dalang Wayang Golek yang terkenal diantaranya adalah Tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Sunarya, Cecep Supriadi.
- Nayaga merupakan istilah pedalangan berarti sekumpulan orang/sekelompok orang yang mempunyai keahlian khusus menabuh gamelan, terutama dalam mengiringi sang dalang dalam pertunjukan wayang.
- Sinden adalah sebutan bagi wanita yang bernyanyi mengiringi orkestra gamelan. Pesinden yang baik harus mempunyai kemampuan komunikasi yang luas dan keahlian vokal yang baik serta kemampuan untuk menyanyikan tembang.

A. Asal Usul Wayang Golek
Asal muasal wayang golek sejarah pastinya tidak diketahui secara jelas. Hal ini karena tidak ada keterangan lengkap (baik sumber tertulis maupun lisan). Sejarah wayang golek tidak dapat dipisahkan dari wayang kulit. Hal ini karena wayang golek merupakan perkembangan dari wayang kulit. Namun demikian, Salmun (1986) menyebutkan bahwa pada tahun 1583 Masehi Sunan Kudus membuat wayang dari kayu yang kemudian disebut wayang golek yang dapat dipentaskan pada siang hari.

Sejalan dengan itu Ismunandar (1988) menyebutkan bahwa pada awal abad ke-16 Sunan Kudus membuat bangun wayang purwa sejumlah 70 buah dengan cerita Menak yang diiringi gamelan Salendro. Pertunjukannya dilakukan pada siang hari. Wayang ini warnanya polos sesuai dengan warna kayu. Wayang ini menyerupai boneka kayu. Jadi, bahannya bukan dari kulit sebagaimana halnya wayang kulit. Oleh karena itu, wayang ini kemudian disebut sebagai wayang golek (wayang kayu).

Pada mulanya yang dilakonkan dalam wayang golek adalah ceritera panji dan wayangnya disebut wayang golek menak. Konon, wayang golek ini baru ada sejak masa Panembahan Ratu (cicit Sunan Gunung Jati (1540-1650). Di daerah Cirebon disebut sebagai wayang golek papak atau wayang cepak karena bentuk kepalanya datar. Pada zaman Pangeran Girilaya (1650-1662) wayang cepak dilengkapi dengan cerita yang diambil dari babad dan sejarah tanah Jawa. Lakon-lakon yang dibawakan waktu itu berkisar pada penyebaran agama Islam. Selanjutnya, wayang golek dengan lakon Ramayana dan Mahabarata (wayang golek purwa) yang lahir pada 1840 (Somantri, 1988).

Adapun pada perkembangan selanjutnya, pementasan wayang golek diprakarsai oleh Dalem Karang Anyar (Wiranata Koesoemah III) pada masa akhir jabatannya. Waktu itu Dalem memerintahkan Ki Darman (penyungging wayang kulit asal Tegal) yang tinggal di Cibiru (kawasan Bandung Timur) untuk membuat wayang dari kayu. Bentuk wayang yang dibuatnya semula berbentuk gepeng dan berpola pada wayang kulit. Namun, pada perkembangan selanjutnya, atas anjuran Dalem, Ki Darman membuat wayang golek yang membulat tidak jauh berbeda dengan wayang golek sekarang. Di daerah Priangan sendiri dikenal pada awal Abad ke-19. Perkenalan masyarakat Sunda dengan wayang golek dimungkinkan sejak dibukanya jalan raya Daendels yang menghubungkan daerah pantai dengan Priangan yang bergunung-gunung. Semula wayang golek di Priangan menggunakan bahasa Jawa. Namun, setelah orang Sunda pandai mendalang, maka bahasa yang digunakan adalah bahasa Sunda.

B. Jenis-jenis Wayang Golek
Ada tiga jenis wayang golek, yaitu:
- Wayang golek papak (cepak) terkenal di Cirebon dengan ceritera babad dan legenda serta menggunakan bahasa Cirebon.
- Wayang golek purwa adalah wayang golek khusus membawakan cerita Mahabharata dan Ramayana dengan pengantar bahasa Sunda.
- Wayang golek modern seperti wayang purwa (ceritanya tentang Mahabarata dan Ramayana, tetapi dalam pementasannya menggunakan listrik untuk membuat trik-trik. Pembuatan trik-trik tersebut untuk menyesuaikan pertunjukan wayang golek dengan kehidupan modern. Wayang golek modern dirintis oleh R.U. Partasuanda dan dikembangkan oleh Asep Sunandar Sunarya sekitarr tahun 1970 - 1980.

C. Pembuatan Wayang Golek
Wayang golek terbuat dari albasiah atau lame. Cara pembuatannya adalah dengan meraut dan mengukirnya, hingga menyerupai bentuk yang diinginkan. Untuk mewarnai dan menggambar mata, alis, bibir dan motif di kepala wayang, digunakan cat duko. Cat ini menjadikan wayang tampak lebih cerah. Pewarnaan wayang merupakan bagian penting karena dapat menghasilkan berbagai karakter tokoh. Adapun warna dasar yang biasa digunakan dalam wayang ada empat yaitu: merah, putih, prada, dan hitam.


D. Nilai Budaya dalam Wayang Golek
Wayang golek sebagai suatu kesenian tidak hanya mengandung nilai estetika semata, tetapi meliputi keseluruhan nilai-nilai yang terdapat dalam masyarakat pendukungnya. Nilai-nilai itu disosialisasikan oleh para seniman dan seniwati pedalangan yang mengemban kode etik pedalangan. Kode etik pedalangan tersebut dinamakan "Sapta Sila Kehormatan Seniman Seniwati Pedalangan Jawa Barat".

Rumusan kode etik pedalangan tersebut merupakan hasil musyawarah para seniman seniwati pedalangan pada tanggal 28 Februari 1964 di Bandung. Isinya antara lain sebagai berikut:
  1. Seniman dan seniwati pedalangan adalah seniman sejati sebab itu harus menjaga nilainya.
  2. Mendidik masyarakat. Itulah sebabnya diwajibkan memberi contoh, baik dalam bentuk ucapan maupun tingkah laku.
  3. Juru penerang. Karena itu diwajibkan menyampaikan pesan-pesan atau membantu pemerintah serta menyebarkan segala cita-cita negara bangsanya kepada masyarakat.
  4. Sosial Indonesia. Sebab itu diwajibkan mengukuhi jiwa gotong-royong dalam segala masalah.
  5. Susilawan. Diwajibkan menjaga etika di lingkungan masyarakat.
  6. Mempunyai kepribadian sendiri, maka diwajibkan menjaga kepribadian sendiri dan bangsa.
  7. Setiawan. Maka diwajibkan tunduk dan taat, serta menghormati hukum Republik Indonesia, demikian pula terhadap adat-istiadat bangsa.

Sebagaimana alur cerita pewayangan umumnya, dalam pertunjukan wayang golek juga biasanya memiliki lakon-lakon baik galur maupun carangan yang bersumber dari cerita Ramayana dan Mahabarata dengan menggunakan bahasa Sunda dengan iringan gamelan Sunda (salendro), yang terdiri atas dua buah saron, sebuah peking, sebuah selentem, satu perangkat boning, satu perangkat boning rincik, satu perangkat kenong, sepasang gong (kempul dan goong), ditambah dengan seperangkat kendang (sebuah kendang Indung dan tiga buah kulanter), gambang dan rebab.

Sejak 1920-an, selama pertunjukan wayang golek diiringi oleh sinden. Popularitas sinden pada masa-masa itu sangat tinggi sehingga mengalahkan popularitas dalang wayang golek itu sendiri, terutama ketika zamannya Upit Sarimanah dan Titim Patimah sekitar tahun 1960-an.

Dalam pertunjukan wayang golek, lakon yang biasa dipertunjukan adalah lakon carangan. Hanya kadang-kadang saja dipertunjukan lakon galur. Hal ini seakan menjadi ukuran kepandaian para dalang menciptakan lakon carangan yang bagus dan menarik. Beberapa dalang wayang golek yang terkenal diantaranya Tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asep Sunandar Sunarya, Cecep Supriadi dll.




Pola pengadegan wayang golek adalah sebagai berikut; 1) Tatalu, dalang dan sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawen, dan biantara; 2) Babak unjal, paseban, dan bebegalan; 3) Nagara sejen; 4) Patepah; 5) Perang gagal; 6) Panakawan/goro-goro; 7) Perang kembang; 8) Perang raket; dan 9) Tutug.

Salah satu fungsi wayang dalam masyarakat adalah ngaruat, yaitu membersihkan dari kecelakaan (marabahaya). Beberapa orang yang diruwat (sukerta), antara lain: 1) Wunggal (anak tunggal); 2) Nanggung Bugang (seorang adik yang kakaknya meninggal dunia); 3) Suramba (empat orang putra); 4) Surambi (empat orang putri); 5) Pandawa (lima putra); 6) Pandawi (lima putri); 7) Talaga Tanggal Kausak (seorang putra dihapit putri); 8) Samudra hapit sindang (seorang putri dihapit dua orang putra), dan sebagainya.

Sumber

Baca juga:
- Nama Tokoh-Tokoh Wayang Golek
- Asep Sunandar Sunarya (Dalang Wayang Golek)
- Kerajinan Wayang Golek Giri Harja


Sumber lain:
- Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi Kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.
- Nisfiyanti, Yanti. 2005. “Wayang Media Sosialisasi Nilai-Nilai Budaya pada Masyarakat Sunda” (Laporan Hasil Penelitian)
- www.id.wikipedia.org

Undak Usuk Basa Sunda

Sampurasun...

Baraya sadayana, wilujeng tepang. Tos lami astrajingga teu nepangan baraya. Hapunten pisan baraya, astrajingga nembe tiasa deui ngaposting dinu blog Sastra Jingga deui. Tah, dina danget ieu astrajingga bade ngaguar ngeunaan undak usuk basa dina basa sunda. Baraya tangtos parantos seueur anu uninga naon ari undak usuk basa. Kangge anu teu aca uninga naon ari undak usuk basa, sok lajengkeun deui maca na.

Undak usuk basa teh upami dihartoskeun kanu basa Indonesia mah "Tingkatan Berbahasa". Anu dimaksad tingkatan di dieu nyaeta, tata cara urang nyarios dibentenkeun ku faktor yuswa. Kumaha cara na urang nyarios ka saluhureun, ka sasama, sareng ka sahandapeun. Sajabina ti eta, undak usuk basa oge dibentenkeun ku kangge saha kecap anu ku urang diucapkeun, keur sorangan atanapi kangge batur. Di dieu aya nu disebat ragam hormat.

Aya sababaraha ragam hormat. Diantawisna anu kahiji disebatna ragam hormat "basa loma". Basa loma biasa na diangge kangge ka sasama anu tos akrab pisan. Basa loma kadanguna kasar, tapi teu disebat kasar sareng teu nyopan da diangge na ge ka sasama anu biasana tos sagulung sagalang. Benten deui upami diangge ka batur anu nembe tepang atanapi nembe kenal, komo deui ka saluhureun. Eta tangtos bae disebatna teu sopan atanapi upami sapertos cara nyarios na Bima dina pawayangan mah "ngoko".

arjuna, nakula, sadewa (katuhu) gunem bari calik bongkok ngahormat raka na yudhistira sareng bima (kiri)
Tah anu salajengna aya ragam hormat "basa lemes". Basa lemes ieu dibentenkeun janten 2. Anu kahiji na basa lemes keur sorangan, sareng anu kadua na basa lemes kangge batur. Basa lemes kangge batur biasana diangge kangge kasaluhureun, ka jalmi anu nembe tepang atanapi nembe kenal boh eta jalmi sasama atanapi sahandapeun. Upami urang nembe tepang atanapi nembe kenal sareng jalmi tangtos bae urang moal tiasa saakrab sareng jalmi anu tos sagulung sagalang sareng urang sadidinten. Tah kukituna urang kedah ngangge basa lemes kangge ka batur ieu. Supados langkung sopan, langkung ngahormat. Kumargi ciri na urang sunda mah someah ka semah, midulur ka batur, depe depe handap asor. Urang kedah ngahormat batur, ke ge batur bakal ngahormat ka urang.

Di handap ieu astrajingga nyutat kecap-kecap anu dikelompokeun kana basa loma, basa lemes keur sorangan, sareng basa lemes keur batur (sumber). Mangga dititenan, teras dilarapkeun kana kahirupan urang sadidinten. Supados basa sunda nu ku urang angge teh saluyu sareng undak usuk basa na. Wilujeng maca...

    UNDAK-USUK BASA (BASA LOMA-BASA LEMES)

     

    Basa Loma
    Basa Lemes
    (Keur ka sorangan)
    Basa Lemes
    (Keur ka batur)



    Abus, asup Lebet Lebet
    Acan, tacan, encan Teu acan Teu acan
    Adi Adi Rai, rayi
    Ajang, keur, pikeun Kanggo Haturan
    Ajar Ajar Wulang, wuruk
    Aji, ngaji Ngaji Ngaos
    Akang Akang Engkang
    Aki Pun aki Tuang Eyang
    Aku, ngaku Aku, ngaku Angken, ngangken
    Alo Pun alo Kapiputra
    Alus Sae Sae
    Ambeh, supaya, sangkan Supados Supados
    Ambek Ambek Bendu
    Ambe, ngambeu Ngambeu Ngambung
    Amit, amitam Permios Permios
    Anggel Bantal Bantal, kajang mastaka
    Anggeus, enggeus Rengse Parantos
    Anjang, nganjang Ngadeuheus Natamu
    Anteur, nganteur Jajap, ngajajapkeun Nyarengan
    Anti, dago, ngadagoan, Ngantosan Ngantosan
    Arek Bade, seja Bade, seja
    Ari Dupi Dupi
    Asa, rarasaan Raraosan Raraosan
    Asal Kawit Kawit
    Aso, ngaso Ngaso Leleson
    Atawa Atanapi Atanapi
    Atoh, bungah Bingah Bingah
    Awak Awak Salira
    Awewe Awewe Istri
    Babari, gampang Gampil Gampil
    Baca Aos Aos
    Badami Badanten Badanten
    Bae, keun bae Sawios, teu sawios Sawios, teu sawios
    Bagea Bagea Haturan
    Baheula Kapungkur Kapungkur
    Baju Baju Raksukan, anggoan
    Bakti Baktos Baktos
    Balik, mulang Wangsul Mulih
    Balur Balur Lulur
    Bangga Sesah Sesah
    Bapa Pun Bapa Tuang Rama
    Bareng, reujeung Sareng Sareng
    Bareto Kapungkur Kapungkur
    Batuk Bantuk Gohgoy
    Batur Babaturan Rerencangan
    Bawa Bantun Candak
    Beak Seep Seep
    Beda Benten Benten
    Beja Wawartos Wawartos
    Bener, enya Leres Leres
    Bengek, mengi Asma Ampeg
    Bere, mere Maparin, masihan Ngahaturaan, ngaleler
    Berekah Pangesto, pangestu Damang, wilujeng
    Beuki Beuki, seneng Sedep
    Beulah Palih Palih
    Beuli, meuli Meser Ngagaleuh
    Beunang Kenging Kenging
    Beungeut Beungeut Pameunteu, raray
    Beurang Siang Siang
    Beurat Abot Abot
    Beuteung Padaharan Patuangan, lambut
    Bibi Pun bibi Tuang bibi
    Bikeun, mikeun Maparinkeun Ngahaturkeun,nyanggakeun
    Bilang, milang Ngetang Ngetang
    Birit, bujur Birit, bujur Imbit
    Bisa Tiasa Tiasa
    Bisi Bilih Bilih
    Biwir Biwir Lambey
    Boa Tiasa jadi Tiasa jadi
    Boga Gaduh Kagungan
    Buang, ngising Miceun Kabeuratan
    Budak Budak Murangkalih
    Bujal Bujal, puser Udel
    Buka puasa Buka Bobor
    Bukti Buktos Buktos
    Bulan Sasih Sasih
    Bungah, gumbira Bingah Bingah
    Burit Sonten Sonten
    Buru Bujeng Bujeng
    Butuh Perlu Peryogi
    Cabak, nyabak Nyabak Cepeng
    Cageur Pangesto, pangestu Damang
    Calana Calana Lancingan
    Cangkeng Cangkeng Angkeng
    Caram, carek, nyarek Nyarek Ngawagel
    Carang, langka Awis Awis
    Carek, nyarekan Nyarekan Nyeuseul
    Carita, nyarita, ngomong Nyanggem Nyarios
    Cenah Cenah Saurna
    Cekel, nyekel Nyekel Nyepeng
    Celuk,nyeluk,gero,ngageroan Nyauran Ngagentraan
    Ceuli Ceuli Cepil
    Ceurik Ceurik Nangis
    Cicing Matuh Calik, linggih
    Ciduh Ciduh Ludah
    Cik, cing Cobi Cobi
    Cikal Cikal Putra pangageungna
    Ciling, pacilingan Kakus Jamban
    Ciri Tanda Tawis
    Cium, nyieum Nyieum Ngambung
    Cokot, nyokot Ngabantun Nyandak
    Cukup, mahi Cekap Cekap
    Cukur, dicukur Dicukur Diparas
    Cunduk, dating Dongkap Sumping, rawuh
    Daek Daek, purun Kersa
    Dagang Dagang Icalan
    Dahar Neda Tuang
    Dangdan Dangdan Dangdos
    Dapur Dapur Pawon
    Denge, ngadenge Nguping, mireng Ngadangu
    Deukeut Caket Caket
    Didik, ngadidik Ngatik Miwuruk,mitutur,miwejang
    Diri Diri Salira
    Diuk Diuk Calik, linggih
    Duga, kaduga Kaduga Kiat
    Duit Artos Artos
    Dumeh, lantaran Jalaran Ku margi
    Eling, inget Emut Emut
    Emboh, tambah Tambih Tambih
    Era Isin Lingsem
    Embung Alim Teu kersa
    Enggon Pamondokan Pangkuleman
    Eukeur, keur Nuju Nuju
    Eusi, ngeusian Ngalebetan Ngalebetan
    Euweuh Teu aya Teu aya
    Gancang Enggal Enggal
    Ganti Ganti Gentos
    Gardeng, reregan Gardeng Lalangse
    Gawe Gawe Damel
    Gede Gede Ageung
    Gelung Gelung Sanggul
    Genah, ngeunah Raos Raos
    Gering Udur Teu damang
    Getol Getol Kersaan
    Geulang Geulang Pinggel
    Geura, pek, heg Geura, mangga Mangga
    Geuwat Enggal Enggal
    Gigir, gigireun Gigireun Gedengeun
    Gimir Gimir Rentag manah
    Gogoda, cocoba Cocoba Cocobi
    Goreng Goreng Awon
    Gugu, ngagugu Nurut Tumut
    Haben Haben Teras-terasan
    Hadir, ngahadiran Nungkulan Ngaluuhan
    Hal, perkara Perkawis Perkawis
    Halis Halis Kening
    Hampura, maap Hapunten Hapunten, haksama
    Hareup Payun Payun
    Harga Harga Pangaos
    Harti Hartos Hartos
    Hate Hate Manah
    Hawatir,watir,karunya Watir Hawatos
    Hayang Hoyong Palay
    Helok Heran Hemeng
    Hese, susah, pelik Sesah Sesah
    Heuay Heuay Angob
    Heubeul, lawas Heubeul Lami
    Heug, seug Mangga Mangga
    Hili, tukeur Liron Gentos
    Hirup Hirup Jumeneng
    Hudang Hudang Gugah
    Huntu Huntu Waos
    Hutang Hutang Sambetan
    Iber, beja, warta Wartos Wartos
    Idin Widi Widi
    Igel Igel Ibing
    Iket Totopong Udeng
    Ilik, ngilikan Ningalan Ningalan
    Ilu, ngilu Ngiring Ngiring
    Imah Rorompok Bumi
    Impi, ngimpi Impen, ngimpen Impen, ngimpen
    Imut Imut Mesem
    Incu Pun incu Tuang putu
    Indit, miang Mios Angkat, jengkar
    Indung Pun biang Tuang ibu
    Inggis, risi Inggis, risi Rempan
    Injeum, nginjeum Nambut Nambut
    Inum, nginum Leueut, ngaleueut Leueut, ngaleueut
    Irung Irung Pangambung
    Isuk, isukan Enjing Enjing
    Itung Itung Etang
    Iwal, kajaba Kajaba Kajabi
    Jaga Jaga Jagi
    Jalma, jelema Jalmi Jalmi
    Jauh Tebih Tebih
    Jawab Walon Waler
    Jero Lebet Lebet
    Jeung Sareng Sareng
    Jiga Jiga Sapertos,sakarupi
    Jual Ical Ical
    Jugjug Bujeng Bujeng
    Juru, ngajuru Ngalahirkeun Babar
    Kabeh, kabehanana Sadayana Sadayana
    Kabur, minggat Minggat Lolos
    Kacida, naker Kalintang Kalintang, teu kinten
    Kajeun, keun bae Sawios Sawios
    Kakara, karek Nembe Nembe
    Karembong Kekemben Kekemben
    Kari, tinggal Kantun Kantun
    Kasakit, nyeri Kasakit, kanyeri Kasawat
    Katara, kaciri Katawis Katawis
    Kapalang, kagok Kapambeng Kapambeng
    Kawas Sapertos Sapertos
    Kawin Nikah, jatukrami Jatukrami,rendengan
    Kede Kenca Kiwa
    Kejo, sangu Sangu Sangu
    Kelek Kelek Ingkab
    Kesang Karinget Karinget
    Keur, pikeun Kanggo Kanggo, haturan
    Kiih Kahampangan Kahampangan
    Kolot Kolot Sepuh
    Kongkorong Kangkalung Kangkalung
    Kop, pek Mangga Mangga
    Kuat Kiat Kiat
    Kudu Kedah Kedah
    Kumbah Kumbah Wasuh
    Kumis Kumis Rumbah
    Kumpul Kempel Kempel
    Kungsi Kantos Kantos
    Kurang Kirang Kirang
    Kuring, sim kuring Abdi, sim abdi Sim abdi
    Labuh Labuh Geubis
    Lahun, ngalahun Ngalahun Mangkon
    Lain Sanes Sanes
    Laju Lajeng Lajeng
    Laki, lalaki Lalaki Pameget
    Laku, payu, laris Pajeng Pajeng
    Lalajo Nongton Nongton
    Lamun, upama Upami Upami
    Lanceuk Pun lanceuk Tuang raka
    Lantaran, sabab Jalaran, sabab Mari
    Leho Leho Umbel
    Letah Letah Ilat
    Leungeun Leungeun Panangan
    Leungit Leunit Ical
    Leutik Alit Alit
    Leuwih Langkung Langkung
    Lila Lami Lami
    Mahal Awis Awis
    Maksud Maksad Maksad
    Malarat, miskin Jalmi teu gaduh Teu kagungan nanaon
    Malem Wengi Wengi
    Malik Malik Mayun
    Mamayu Mamayu Mamajeng
    Mangka, sing, muga Mugi Mugi
    Maot Maot Pupus, tilar dunga
    Marhum Marhum, jenatna Marhum, suargi
    Memeh, samemehna Sateuacanna Sateuacanna
    Mending, leuwih hade Langkung sae Langkung sae
    Meujeuhna Meujeuhna Cekap
    Meueun Panginten Panginten
    Mimimti, mimitina Kawitna Kawitna
    Minangka Etang-etang Etang-etang
    Mindeng, remen Sering Sering
    Minyak Lisah Lisah
    Muga Mugi Mugia
    Mupakat, rempug Mupakat, rempug Rempag
    Murah Mirah Mirah
    Najan, sanajan Sanaos Sanaos
    Ngan Mung Mung
    Ngaran Wasta, nami Jenengan, kakasih
    Ngeunah Ngeunah Raos
    Ngora Ngora Anom
    Nini Pun nini Tuang eyang
    Nyaho Terang Uninga
    Nyaring Nyaring Teu acan kulem
    Nyolowedor Nyolowedor Midua maha
    Obat, ubar Obat, ubar Landog
    Ogan, ondang Ondang Ulem
    Ome,ngomean,menerkeun Ngalereskeun Ngalereskeun
    Paham Paham,ngartso Ngartos
    Paju, maju Majeng Majeng
    Pake, make Nganggo Nganggo
    Palangsiang, bias jadi Tiasa jadi Tiasa jadi
    Palire, malire Malire Merhatoskeun
    Pamajikan Pun bojo Tuang rayi
    Pancuran, kamar mandi Jamban Jamban
    Pandeuri Ti pengker Ti pengker
    Pang, pangna, nu matak Nu mawi Nu mawi
    Panggih, manggih, nimu Mendak Mendak
    Pangkat, kadudukan Kadudukan Kalungguhan
    Pangku, mangku Mangku Mangkon
    Panon Panon Soca
    Pantar, sapantar Sapantar Sayuswa
    Paribasa Paripaos Paripaos
    Pariksa, mariksa Mariksa Marios
    Parna Repot Wales
    Paro, saparo Sapalih Sapalih
    Pasti, tangtu Tangtos Tangtos
    Pati, teu pati Teu patos Teu patos
    Patuh, matuh Matuh Linggih
    Payung Payung Pajeng
    Pedah Ku margi, jalaran Rehing
    Penta, menta Neda, nyuhunkeun Mundut
    Pecak, mecak, nyoba Nyobi Nyobi
    Pencet, mencetan Meuseulan Meuseulan
    Percaya Percanten Percanten
    Perlu Perlu Peryogi
    Permisi Permios Permios
    Peuting Wengi Wengi
    Pihape, mihape Wiat Ngaweweratan
    Piker Piker Manah
    Piligenti Piligentos Piligentos
    Pindah Pindah Ngalih
    Pingping Pingping Paha
    Pipi Pipi Damis
    Poe Dinten Dinten
    Poho Hilap Lali
    Potong, popotongan Patilasan Patilasan
    Puasa Puasa Saum
    Puguh, tangtu Tangtos Tangtos, kantenan
    Purun Purun Kersa
    Rarabi Rarabi Garwaan
    Raksa, pangraksa Pangraksa Panangtayungan
    Ramo Ramo Rema
    Rampes Mangga Mangga
    Rasa, rumasa Rumaos Rumaos
    Rea, loba Seueur Seueur
    Receh Receh Artos alit
    Reujeung Bareng Sareng
    Reuneuh Kakandungan Bobot, ngandeg
    Reureuh Reureuh Ngaso
    Rieut Rieut Puyeng
    Ripuh Ripuh Repot
    Robah Robah Robih
    Roko, ududeun Rokok Sesepeun
    Rua, sarua Sarupi, sami Sarupi, sami
    Rusuh, rurusuhan Enggal-enggalan Enggal-enggalan
    Saba, nyaba Nyanyabaan Angkat-angkatan
    Sabot Keur waktu Waktos
    Sabuk, beubeur Beubeur Beulitan
    Sadia Sayagi Sayagi
    Sakeudeung Sakedap Sakedap
    Salah Lepat Lepat
    Salahsaurang Salahsawios Salahsawios
    Salaki Pun lanceuk Caroge, tuang raka
    Salamet Salamet Wilujeng
    Salat, solat Sambeang Netepan
    Salesma Salesma Pileg
    Salempang, hariwang Salempang Salempang, rajeg manah
    Salin, disalin Disalin Gentos
    Samak Amparan Amparan
    Sampak, nyampak Nyampak Nyondong, kasondong
    Samping Sinjang Sinjang
    Sanding, kasanding Kasanding Kasumpingan
    Sanggeus Saparantos Saparantos
    Sanggup Sanggem Sanggem
    Sare Mondok Kulem
    Sarerea Sadayana Sadayana
    Sarta, jeungna deui Sareng Sareng
    Sarua Sami Sami
    Sasarap Sasarap, neda Tuang
    Sawah Sawah Serang
    Sejen Sejen Sanes
    Seleh, nyelehkeun Masrahkeun Nyanggakeun,ngahaturkeun
    Selewer, nyelewer Midua hate Midua manah
    Semah Tamu Tamu
    Sesa, kari Kantun Kantun
    Sebut Sebat Sebat
    Serah, nyerahkeun Mirak Mirak, ngeser
    Seubeuh Sesek Wareg
    Seuri Seuri Gumujeng
    Siar, nyiar Milari Milari
    Sibanyo Sibanyo Wawasuh
    Sirah Sirah Mastaka
    Sirit Larangan Larangan
    Sisir Pameres Pameres
    Soara, sora Sora Soanten
    Sorangan Sorangan Nyalira
    Sore Sonten Sonten
    Sugan, manawi Manawi Manawi
    Suku Suku Sampean
    Sunat, nyunatan Ngabersihan Nyepitan
    Sungut Cangkem Baham
    Supaya Supados Supados
    Surat Serat Serat, tetesan
    Suweng Suweng Kurabu, gwang
    Tabeat Adat Panganggo
    Tadina Awitna, kawitna Kawitna
    Tai Kokotor Kokotor
    Taksir, ngira Nginten-nginten Nginten-nginten
    Taktak Taktak Taraju
    Talatah Wiat saur Wiat saur
    Tambah Tambih Wuwuh
    Tampa Tampi Tampi
    Tanda, ciri Tawis Tawis
    Tangen, katangen Kanyahoan Kauninga
    Tangtung, nangtung Nangtung Ngadeg
    Tanya Taros Pariksa
    Tapi Nanging Nanging
    Tarang Tarang Taar
    Tarima Tampi Tampi
    Tawar, nawar Nawis Mundut
    Tayoh-tayohna Rupina Rupina
    Teang, neangan Milari Milari
    Tenjo, nenjo, nempo Ningal Ningali
    Tepi Dugi Dugi
    Tere Tere Kawalon
    Tereh Enggal Enggal
    Teleg, teureuy Teleg Telen
    Tembang, nembang Nembang Mamaos
    Tepi, nepi Dugi Dugi
    Tepung Tepang Tepang
    Terus Teras Teras
    Teundeun Simpen Simpen
    Tincak Tincak Dampal
    Titah, nitah, jurung Ngajurungan Miwarangan
    Tonggong Tonggong Pungkur
    Topi, dudukuy Topi, dudukuy Tudung, langgukan
    Tulis Tulis Serat
    Tulung, pitulun Pitulung Pitandang
    Tulus Cios Cios
    Tuluy Teras, lajeng Teras, lajeng
    Tumpak Tumpak Tunggang
    Tunggu Antos Antos
    Turun Turun Lungsur
    Ucap Ucap Kedal, lisan
    Ulah Teu kenging Teu kenging
    Ulin Ulin Ameng
    Umur Umur Yuswa
    Urus, nguruskeun Ngalereskeun Ngalereskeun
    Urut Tilas Tilas
    Utama Utami Utami
    Waktu Waktos Waktos
    Wani Wantun Wantun
    Waras Cageur Damang
    Wareh, sawareh Sapalih Sapalih
    Warga, dulur Wargi Wargi
    Watara, sawatara Sawatawis Sawatawis
    Wawuh Wanoh, kenal Kenal
    Wedak Pupur Pupur
    Wedal Wedal Weton
    Wilang, kawilang Kaetang Kaetang
    Wudu Wulu, wudu Abdas

Ari jelema kiwari mikir na kumaha ??!!

Ieu judul postingan teh moal kapanggih naon maksudna lamun teu dibaca nepi ka tamat. Matakna maca na nepi ka tamat nya. Saacan na kuring re...