Ieu judul postingan teh moal kapanggih naon maksudna lamun teu dibaca nepi ka tamat. Matakna maca na nepi ka tamat nya.
Saacan na kuring rek nyarita heula ka ilaing baraya.
Dengekeun nya...
Baraya, kuring rek nyarita peuting ayeuna ka ilaing. Kuring teh nyeri hate, kuring raheut manah. Lamun kudu dicaritakeun kabeh mah, kuring ceurik balilihan. Kunaon? ilaing mah nyangka na kuring nyeri hate ku awewe nya? heuh.. lain.. lain eta, lain pisan. Raheut hate ku awewe mah lain caritaeun deui da eta mah geus langganan hirup kuring apan. Da beungeut kuring goreng patut lin, nya beureum nya berewes. Tapi, angger kuring leuwih alus ti batan bujur munding mah. Heuheuheu...
Balik deui ah kanu tadi. Ulah kamana karep we nyarita teh nya. Hampura kuring mah lamun ngadongeng atawa nyarita sok nyambung kaditu kadieu. Da puguh atuh kuring mah tukang nyarita lin ti baheula ge. Geus geus,,, urang lutuykeun aeh tuluykeun deui we carita kuring na nya.
Tah kieu baraya, bulan kamari kaula teh meunang kabingah sabenerna mah. Mun teu salah mah ping 9 Februari aya ucing anu ngajuru di imah. Kapanggih na ge ku indung kuring dina jero lomari baju kuring. Ai eta ucing teh keur merejelkeun anak-anakna pisan basa kapanggih ku indung kuring teh. Naha kuring bingah? Da eta bali na teh aya keneh napel keneh. Cenah, ceuk kolot baheula kamun aya ucing anu ngajuru di imah tuluy ninggalkeun bali na. Lamun ku urang dibawa bisa jadi milik urang. Eta ucing teh ngadatangkeun barokah keur urang. Barokah na mah ti gusti Allah, ngan cenah eta tanda na urang bakal meunang barokah. Bener atawa henteu na mah kuring ge teu nyaho, da cenah eta ge. Ngan indung kuring mah da kolot baheula anu nyepeng keneh adat karuhun. Budaya karuhun teh budaya anu bisa nengtremkeun hirup sabenerna mah lamun ku urang ditalungtik. Ngan ayeuna mah da cenah geus loba bid'ah tea jadina. Nya keun we, da anu bener mutlak jeung absolut bener mah iwal ti gusti Allah. Tah indung kuring teh reuwas tapi bari jeung atoh eta bali na aya keneh. Da biasana ucing atawa sato-sato mah lamun ngajuru bali na sok tuluy dihakan. Teuing ngarah naon na mah. Dina teu didaharna oge, lamun jelema ngadeukeutan tuluy rek nyokot bali na, biasana eta sato teh sok nyangereng ka jelema. Ciri na teu rido bali na dicokot. Teuing bener atawa salah ieu panalungtikan kuring teh, da kuring mah lain sato. Eta mah ceuk rarasaan kuring we teu rido teh, da ai rarasaan mah sok beda jeung rasa. Ari ceuk rarasaan mah teu rido, boa ai ceuk rasa mah eta ucing teh lain teu rido. Tapi nanaonan ai jelema kudu mawa bali sato sagala, geus puguh diala daging, kulit jeung sajaba na mah sato teh. Atuh ai bali-bali teuing mah cik we atuh mikir euy jelema! Kitu meureun, ai eta rasa keneh keitu nya? atawa rarasaan keneh? asa sarua keneh eta teh teu rido teu rido keneh nya? ah bae we, nu penting mah kuring nulis di dieu teu sautik teuing nya. Disambungkeun we da geus aya internet anu bisa ngahubungkeun jarak jauh. Asa beuki ngaco ieu teh ah.. Heuheuheu... ilaing mah da sok mangpalerkeun wae da ah.
Tah, barara..
Sanggeus nenjo eta bali ucing teh, indung kuring buru-buru nyokot pakarang keur megatkeun bali ucing na. Jeung kabeneran pisan eta ucing teh teu nyangereng, malah mah nenjo indung kuring megatkeun teh cicing we. Buru-buru we di bawa ku indung kuring teh eta bali na. Teuing di kumahakeun tah, jigana mah rek dijieun pais bali meureunannya. hahaha...
Ai kuring mah bingah na lain ku eta, ngan nenjo ka eta bilatung-bilatung anu karek merejel tina beuteung indungna. Aya lima mun teu salah mah. Can baruluan, can bisa leumpang, can bisa usik.
Carita na geus we nya ti saprak ngajuru eta, eta ucing teh ngurus anakna di tukangeun lomari baju kuring. Kuring ge teu ieuh nganganggu, antep we sina disusuan sina diurus ku indungna. Sababaraha minggu ti poe ngajuru na, eta ucing anak na teh geus raeng disada. Tuluy geus barisaeun leumpang. Sakapeung sok nolol ti balik lomari teh kaluar nenjo kuring nu keur cicing. Tuluy asup deui. Tuluy kaluar deui. Nyusu ka indung na. Kuring bingah na mah karek harita tah. Eta bilatung teh mani lalucuuuuu pisaaaan baraya. Ngan kuring rada balueng naha ngan aya 4. Naha nu 1 deui na paeh kitu. Ah, kuring ge teu apal. Ngan eta nu 4 ucing anak na teh mani gareulis pisan katempona. Nu hiji mah bulu na kawas indungna, bulu hiris. Anu hiji deui ampir sarua jeung indung na, ngan dina beuheung na bulu na bodas. Anu hiji deui mah bodas kabeh buluna teh, ngan buntut na warna oranye, jeung ceuli anu kenca na warna oranye. Anu hiji na deui, tah eta anu paling montok paling denok, si bikang anu kacida lucu na pisan. Mani demplon teh ieuh baraya. Geulis lamun jelema mah. Bulu na ge aya 3 warna. Bodas, hideung, jeung oranye. Eta warna na teh nyampur jadi hiji kombinasi warna anu aluuusss pisan. Tah di handap kuring boga foto si demplon.
Kumaha baraya eta si demplon teh? Tah eta teh foto na basa geus sabulan umurna. Ku kuring di bere ngaran nyasu. Naha nyasu? kieu carita na..
Baraya, lamun nyeoertikeun sora ucing kumaha? meong? miaw? meng? atawa naon? Tah ngaran nyasu ge dicokot tinu sora anu disepertikeun ku jelema. Tapi naha jauh tina meong, miaw, atawa meng kanu nyasu nya? heueuh da eta ceuk jelema di urang meong soteh. Ai ceuk urang jepang mah da sora ucing teh cenah "nyaaa". Tah nu matak kuring ge nyokot na ti dinya, ngan ai nya teuing mah da ngewa jadi ngaran atuh, ditambahan we ku kuring jadi nyasu. Jadi lamun di geroan teh "nyaass.. nyaass..". Kuring atoh pisan nyonyo'o na ge da lalucu pisan eta ucing teh.
Naha atuh kuring jadi nyeri hate nya?
kieu caritana.. masih keneh aya terusan na ieu teh baraya. Cing sabar we maca na. Da jelema anu resep maca mah loba elmu na. Ku maca urang teh jadi nyaho loba hal. Matakna biasakeun jeung budayakeun maca teh. Kudu jadi jelema nu pinter maca urang teh. Maca aksara mah puguh, tapi nu leuwih penting mah maca diri urang sorangan nya baraya.
Mimiti na kuring sedih teh kieu. Ucing teh aya opat tapi anu dua di penta ku dulur kuring dua. Kuring teh sabenerna teu rido da eta ucing teh nyarusu keneh. Kuring ngabayangkeun lamun eta ucing dipisahkeun ti indung na rek kumaha. Asa ngabayangkeun orok jelema teu disusuan sok bakal kumaha? Kuring tidinya jadi teu genah hate pisan. Rada hariwang ka ucing nu dua di bawa ku dulur bari dibawa na ge keur kuring euweuh di imah deuih.
Tah, kahariwang kuring teh jadi nyata. Mimiti na, indung na ucing teh katempona rada teu sehat baraya. Ai keur sabulan mimiti mah sehat, ngan teuing asup ka bulan kadua eta indung ucing teh sesebreng wae. Jiga na meunang salesma lamun jelema mah, mflu cenah mah. Bari jeung panon na teh belekan wae. Teuing ku naon kuring oge teu nyaho. Tah, ai ucing mah boga panyakit kitu teh sok babari nepa. Nepa we ka anak-anak na. Anu mimiti ka tepaan si nyasu. Da ngan kari dua deui. Anu bodas mah deus dibawa jeung anu bulu hiris tapi beuheung na aya bodasan. Anu jalu bulu hiris jeung si nyasu jeung kuring di imah jeung indungna. Si nyasu ti dinya jadi sesebreng wae, jeung belekan wae. Kuring rajeun sok ngaberesihan belekna unggal isuk diusap ku tisu jeungcai handeut. Tapi angger da ai geus katarajang panyakit mah sok aya belekan wae. Ai si jalu mah henteu kunanaon, sehat tur jagjag jeung lincah deuih. Teuing pedah bikang kitu jadi fisik na teh lemah.
Teu eureun ti dinya baraya. Sanggeus kitu teh, indung ucing na ngadak-ngadak ngiles sababaraha poe. Kuring bingung ieu anak ucing euweuh nu nyusuan. Mangkaning keur nyarusu keneh can bisa dibere dahar nanaon. Atuh kuring neangan susu anu bisa cocok keur ucing. Tapi angger sadisusuan ku kuring, da leuwih alus ku indung na. Ku kuring mah sok rada hese ari disusuan teh. Sakapeung indung na datang deui. Ai teun teh katempona gering na teh parah pisan. Nepi keun embung nyusuan da sieun katepaan meureun barudak na. Di sarandean jeung disampeurkeun ge kalah ngiles eta ucing teh. Atuh teu disusuan deui eta anak ucing teh. Kuring jadi mikir, naha eta indung ucing teh kagegeringan lantaran anak na euweuh dua atawa kunaon nya? Aduh, kuring teu genah hate. Kuring karunya ka indung ucing na tapi nu leuwih karunya ka anak-anak na nepi ka teu disusuan. Atuh sababaraha pie teu diurus ku indungna teh, anu gering kalah beuki gering jeung meotan. Padahal mah si nyasu teh anu pangdemplon na, tapi jadi peot jeung cicingeun. Ngan anu jalu mah angger sehat jeung lincah. Tapi teu lila ti eta basa panggih deui jeung indung na, si jalu ge katepaan deuih. Atuh kuring beuki karunya. Oh heueuh, da si jalu ge boga ngaran baraya. Kuring poho can nyarita nya. Eta ngaran na teh si kuro. Nya geus we lah tong loba nganaha naha, nu jelas kuring hayang mere ngaran eta ka si jalu. Titik.
Atuh ayeuna na mah jadi duanana gering ucing teh. Tapi, si nyasu mah lain gering biasa deui baraya. Disusuan geus embung ku kuring teh. Napsu dahar na teh ngurangan pisan. Awak na beuki peot. Beuki cicingeun, sare jeung sare we pagawean na teh. Ngaringkuk wae eta ucing teh. Kuring beuki teu genah hate, sieun si nyasu paeh. Tuluy we kamari ping 12 Maret, kuring balik ka imah nyampak di kamar si nyasu teh aya dina tehel bari jeung ngagoler leuleus. Ngarenghap na jiga nu eungap, panon na peureum. Tuluy ku kuring teh di angkat hulu na. Masih keneh hirup, ngan basa ku kuring dipangku. Suku na teu usik, leuleus pisan. Kuring reuwas, naha nepi ka kitu. Naha leuleuseun kitu gara-gara kurang asupan dahareun? Naha geus teu kuat ku panyakitna.. Kuring ngagukguk nyeungceurikan si nyasu, mihareo si nyasu teu kunanaon. Ku kuring geuwat di bere susu si nyasu teh. Tapi si nyasu teu bisa calangap jeung ngaletak susu na. Kuring beuki reuwas. Kuring bebeja ka bapa kuring. Tuluy ceuk bapa kuring teh, ah geus we eta mah samet dieu meureun umurna. Geus euweuh harepan. Atuh kuring beuki sedih. Kuring teu kuat, jeung karunya pisan nemppna ge. Kuring teu kuat pisan tungtungna ku kuring di golerkeun dinu tampat sare na di bere kaen anu kandel ngarah handeuteun. Ku kuding diantep bari diteuteup. Emang ajalna geus waktuna, eta si nyasu tungtungna mah teu ngarenghap deui bari suku na laleuleus teu walakaya. Kuring ngagukguk deui ceurik. Teu kuat pisan kuring nahan cipanon. Asa kaleungitan orok, asa kaleungitan jelema anu dipikanyaah. Kuring nyeri hate pisan, si dempon anu lucu anu sok dibawa ulin ku kuring ayeuna geus euweuh. Haduuuhhh.. jabaning indungna euweuh. Kuring lungse bari mikirkeun kumaha persaan indungna ieu apal anak na paeh. Geus mah leungit dua anakna dibawa ku dulur kuring, nu hiji ayeuna paeh. Astagfirullah... Innalillahi wa inna illaihi roji'un. Sim kuring sadar kanu katerangan ti kanjeng rosul. Satiap mahluk anu nyawaan pasti bakal pinanggih jeung ajalna. Sanajan beurat, kuring ngabebenjokeun maneh we. Kuring tuluy indit ka tukang imah, didinya aya tanah kosong. Kuring ngagali taneuh na tuluy si nyasu ku kuring di kuburkeun. Bari ceurik kuring balik tuluy neangan si kuro. Kuring hayang mangku si kuro.
Kuring mangku si kuro tuluy ngajak ngobrol si kuro jiga jeung jelema. Kuring jiga nyarita ka budak leutik we. Kuring ngomong yen si nyasu teh geus paeh, manehna ayeuna tinggal sorangan. Indungna jeung dulur-dulurna euweuh. Bari ceurik ku kuring diusapan jeung di pangku bari nyarita ka si kuro. Teuing si kuro ngarti atawa henteuna mah, tapi si kuro tuluy cicing ningalikeun kuring. Tuluy ngagoler dina pankuan kuring. Jiga nu ngarti kana caritaan kuring si kuro tuluy jiga nu ceurik. 'eok 'eokan bari lungse. Tuluy we kuring kasarean bareng sare jeung si kuro. Saacan na ku kuring si kuro difoto heula dinu pangkuan kuring.
Teu lila kuring lilir tuluy ningali dinu pangkuan si kuro masih keneh aya. Kuring neuteup si kuro bari tuluy kuring ceuirik deui. Kuring ngarasa nyeri pisan asa kaleungitan si nyasu. Jeung dinu sare teh kaimpi-impi deuih si nyasu teh. Asa leungit naon kitu tah baraya. Pokok na mah kuring nyeri hate pisan. Ditambah kuring karunya ka si kuro.
Kuring mikir, kumaha rarasaan si kuro hirup nyorangan bari euweuh indung, bapa, jeung dulur. Hirup di dunya na manusa anu can tangtu ngarti kahayang manehna. Naha teu keueungeun kitu? Da kuring mah pasti keueung. Aduuuh kurooo.. karunya teuing ilaing teh kuro. Ti saprak kajadian eta, si kuro beuki apet ka kuring. Lamun kuring balik timana-mana si kuro langsung nyampeurkeun. Lamun kuring keur sare manehna sok ngilu sare disisieun kuring. Kuring asa beuki nyeri hate pisan ningali si kuro jiga kitu. Karunya baraya,, karunya kuring mah. Kuring mah ngan miharep yen si kuro bisa hirup lila, bisa hirup sehat nepi ka gede na. Di panjangkeun umur na ku gusti Allah. Aduh ya Allah.. naha meni ka nyeri kieu ieu manah. Cacakan ieu teh ka ucing ya Allah. Komo deui lamun kaleungitan budak sorangan nya. Palias teuing.. amit-amit jabang bayi. Sanajan kuring can boga budak tapi geus kabayang kumaha nyeri na ieu hate lamun kaleungitan jiga kieu. Komo deui lamun kapikiran kahirupan budak nyorangan di lingkungan asing. Na'udzu billahi min dzalik.. Astagfirullahaladzim....
Tapi, kuring bingung..
Ai pipikiran jelema kiwari jiga kumaha ??!!
Kuring wae, kaelungitan budak ucing anu dipikanyaah ku kuring geus sakieu nyeri hate na. Tapi geus mineng kuring nenjo dinu media, yen loba jelema anu miceun orok na sorangan. Nepi ka paeh na eta orok nu dpiceun teh. Kumaha pipikiran ariyana teh wahey jeleme jelema ??!!
Coba pikiran tah ku otak jeung ku hate anjeun naon anu ku kuring caritakeun. Bayangkeun lamun eta budak ucing teh orok ilaing anu ku ilaing piceun!!
Naha anjeun teu nyeri eta hate? naha manah teh teu raheut?
Kalakuan ilaing anu salah mah ieuh. Anu lalakina naha atuh ari can siap boga budak mah make jeung ngareuneuhan awewe sia teh ?!!
Anu awewe na apanan geus apal meureun ilaing teh naon resiko na ? Jadi saha nu salah? Kari-kari ayeuna kalah miceun budak hasil tinu kalakuan salah ilaing. Nyunmputkeun kasalahan ku miceun budak, ngabebankeun tanggung jawab ka budak anu suci keneh. Anu can apal nanaon. Anu karek gejlig ka dunya ieu. Teu boga rasa kamanusaan aiyana teh ieuh? Cik ilikan ku ilaing ieu beungeutna. Naha ilaing tega miceun budak anu sakieu lucu na? Naha nyawa manusa teh ayeuna geus murah? Naha rasa kamanusaan teh geus leungit dinu jero diri manusa?
Sok pikirkeun ku ilaing cing sehat. Kuring lain rek mapatahan. Ampun paralun teuing lamun kuring wani mapatahan. Kuring ge rumasa jelema anu teu bener saterusna. Ngan kuring sok ngarasa nyeri. Ningali ucing wae kuring geus ceurik balilihan, komo deui ningali orok jelema anu sakieu lucu na. Aduuuhh.. palias teuing gusti, Cing ditebihkeun tinu kajadian anu teu dipikaharep.
Sok, ayeuna mah kuring geus moal ngomong nanaon deui. Kuring geus teu kuat deui. Kuring hayang ceurik... Kuring rek ngabebenjokeun maneh heula.. Astagfirullahaladzim.. T.T

Bulu na tilu warna, buntutna pondok tapi kandel buluna, ceulina leutik jeung pondok |
Awak na montok nya baraya? si demplon tea... |

si kuro dinu pangkuan kuring |

naha anjeun tega ngabebankeun tanggung jawab ka budak anjeun? |
Sok pikirkeun ku ilaing cing sehat. Kuring lain rek mapatahan. Ampun paralun teuing lamun kuring wani mapatahan. Kuring ge rumasa jelema anu teu bener saterusna. Ngan kuring sok ngarasa nyeri. Ningali ucing wae kuring geus ceurik balilihan, komo deui ningali orok jelema anu sakieu lucu na. Aduuuhh.. palias teuing gusti, Cing ditebihkeun tinu kajadian anu teu dipikaharep.
Sok, ayeuna mah kuring geus moal ngomong nanaon deui. Kuring geus teu kuat deui. Kuring hayang ceurik... Kuring rek ngabebenjokeun maneh heula.. Astagfirullahaladzim.. T.T
Tidak ada komentar:
Posting Komentar