Jumat, 03 Februari 2012

Seuneu Kuring Seuneu Anjeun

Seuneu Kuring Seuneu Anjeun

Kuring nyekeskeun korekna nepi ka hurung seuneu na, hurung nepi ka teu pareum2 ngabeakeun korek sasiki ti hulu nepi ka tungtungna, tuluy kuring nyekeskeun deui siki korek nu lain, kitu terus beak hiji di tuluykeun ku nu hiji, da moal beak siki korek na ge... Tah, basa kuring keur anteng, torojol anjeun mawa kertas bodas anu taya guratan nanaon, bodas sabodas bodasna, bersih sabersih bersihna.. Anjeun ninggali kuring nyo'o seuneu kabita da anjeun ge sarua resep nyo'o seuneu,, tapi ku anjeun mah seuneu na sanggeus di hurungkeun teh tuluy di toelkeun kanu kertas bodas nu di babawa sakitu loba na, naha eta teh ngahaja atawa teu kahaja katoelkeun atawa anjeun heureuy, kuring ge teu apal, ngan tungtung na seuneu na ngabadagan ngaduruk kertas salembar salembar nepi ka beak kertas na tapi seuneu na teu ieuh pareum da kertas na loba.. Kuring reuwas seuneu na ngabadagan, tapi kuring atoh jeung suka lantaran kuring resep nyo'o seuneu komo deui lamun seuneu na badag. Anjeun beuki bungah ninggali kuring atoh, tuluy anjeun mawa minyak tanah ngarah seuneu na beuki badag, ku kuring ge di bantuan manjurkeun na. Sanajan anjeun sok luas leos ninggalkeun kuring nu nyo;o seuneu nyorangan, tapi anjeun sok nyimpen minyak tanah di deukeut kuring, atawa ninggalkeun kertas bodas ngarah kuring teu beakeun durukeun. Tapi hiji wanci mah anjeun sanggeus ngaleos tuluy balik deui bari mawa cai sagayung, tuluy ku anjeun di banjurkeun ka nu seuneu nu keur hurung badag. Saeutik saeutik seuneu na aya nu pareum, tapi da ngan sagayung cai mah moal bisa mareuman seuneu nu sakitu badag na. Kuring bingung, naha anjeun mawa cai tuluy mareuman seuneu na, sok sanajan sagayung anjeun hayang mareuman seuneu eta. Lain na anjeun oge nu ngahurungkeun ieu seuneu nepi ka badag? Pan kuring mah ngan nyekesekeun korek, nyo'o seuneu nu ngaduruk siki korek mimitina ge, anjeun nu ngajieun kuring nyo'o seuneu badag sanggeus anjeun mawa kertas bodas jeung minyak tanah. Ayeuna sanggeus kuring resep nyo'o seuneu nu badag geus embung deui ngan saukur nyo'o seuneu tinu sasiki korek, ku anjeun di banjuran cai? Komo deui ayeuna mah anjeun mawa cai na lain ngan sagayung deui, tapi anjeun mawa cai salautan keur mareuman ieu seuneu. Kuring bingung, kuring balueng, kuring jangar.. naha anjeun bet hayang mareuman seuneu nu geus dihurungkeun ku urang? malah anjeun nu boga ngabadag keun na. Tinu bungah teh kuring jadi seunggah. Tinu seuri teh kalah jadi nyeri. Jeun anjeun datang deui, torojol anjeun datang deui. Ngan ulah pareuman ieu seuneu karesep kuring, lantaran ku cai sakumaha kumaha loba na ge, moal ieuh pareum seuneu teh lamun kuring angger embung mareuman jeung moal daek mareuman. Kuring mah hayang seuneu na tetep hurung, rek di jaga ku kuring ieu seuneu sanajan anjeun datang mawa cai ti sakuriling bungking. Seuneu kuring seuneu anjeun, ulah rek pareum saacan mangsa anjeun pareum. Seuneu nu kuring seuneu nu anjeun. Seuneu keur kuring seuneu keur anjeun. Seuneu urang seuneu ti urang. Jeun,, anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Ari jelema kiwari mikir na kumaha ??!!

Ieu judul postingan teh moal kapanggih naon maksudna lamun teu dibaca nepi ka tamat. Matakna maca na nepi ka tamat nya. Saacan na kuring re...