Senin, 13 Februari 2012

ᮒᮕᮊᮥᮁ ᮓᮤᮛᮤ



Ngeunaan kajadiaan di dunya,HAYU! Urang introspeksi sarerea,urang maca diri sarerea, urang omean ku sarerea! Euweuh deui cara na teh enya dienyakeun lamun lain lainkeun. Sabab dina jaman kiwari teh jang deuleu loba nu enya dilain-lain nu lain dienya-enya. Nu matak rindik-rindik ngulik harti, cing harti ngawincik diri. Lamun nya'ah kana raga, cing apal dasar agama. Ari agama teh ageman hirup keur manusa. Ari hartina agama? Anti riweuh cinta damai. Satiap agama datang? Kakacauan kudu lolos. Satiap agama datang? Kajahatan kudu musnah. Satiap agama datang? Korupsi basmi, Tapi naha agama datang geus ti baheula kajahatan beuki meuweuh, korupsi beuki meuweuh? Lain salah agama, tapi salah jelema. Lir ibarat jukut dibikeun ka domba jalu, jukut di bikeun domba teu daek nyatu, da domba na babadug wae, hayang ka bikang.

Urang balik deui we kanu fitrah na manusa. Naon ai fitrahna manusa teh? Hak na pake. Hak manusa teh naon? Ti dituna, Sidiq, tabligh, amanah, fathanah. Ai nafsuna? Mutmainah, radiah, mardiah jeung kamillah. Ka dieuna, nya'ahan, deudeuhan, welasan, asihan, daek nulung kanu butuh, daek nalang kanu susah, ngajait kanu titeuleum, ngahudangkeun kanu labuh, mere kanu daek, nya'angan kanu poekeun, nganteur kanu sieun, landung kandungan laer aisan, mipit amit ngala menta. Tah eta kawajiban manusa. Hayu urang saling bejaan! Silih asah, Silih Asih, Silih Asuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Ari jelema kiwari mikir na kumaha ??!!

Ieu judul postingan teh moal kapanggih naon maksudna lamun teu dibaca nepi ka tamat. Matakna maca na nepi ka tamat nya. Saacan na kuring re...