Jumat, 17 Februari 2012

K.E.U.E.U.N.G



Sampurasun...
Baraya...

Calageur baraya ? Heug sukur atuh ari ilaing calageur mah..

Baraya, kuring mah ngarasa keueung ku kaayaan jaman kiwari. Alam geus loba nu ruksak ku leungeun leungeun manusa keneh. Halodo ku halodo na, loba nu kahuruan bari jeung hese cai. Hujan ku hujan na, banjir dimana-mana. Jiga lembur kuring di tumaritis, unggal usum ngijih teu weleh we banjir. Cacakan eta teh anu kerja bakti unggal gawe nyaeur jalan ku taneuh, diluhuran jalan na. Tapi ai tatangkalan dituaran wae, solokan na mendet ku runtah, taneuh-taneuh di pakarangan imah di tembok jadi teu nyerep cai, cai walungan pinuh ku runtah jeung limbah ti pabrik-pabrik, angger we cai teh ngagulidag ka jalan mah ngemplang, ngeueum, jadi banjir tea ngaran na.

Keueung baraya.. sieun... hariwang...

Salian ti alamna geus ruksak teh deuih jelema-jelema na ge geus raruksak. Naha kuring nyebut jelema-jelema na geus raruksak? Ruksak di dieu lain ruksak ringsek raga na, tapi moral na. Kuring aya carita keur ngabuktikeun na. Carita na kieu, basa kuring ulin ka imah dulur di kampung sabeulah. Imah na teh asup ka gang-gang leutik ngan asup samotoreun. Sanggeus nepi ka hareupeun imahna, di pipir imah tatangga na aya awewe rauang riung bari cingogo nyarekel hape bari patingkecewis, saleuseurian, babarakatakan. Ari papakeanana teu adeuh pisan. Calana ku calana na tapi merecet tur ipis jiga nu teu make calana. Kaluhuran na aya nu ngan make singlet wungkul. Cenah mah katelah na teh tank top lamun ceuk barudak ayeuna mah. Asa teu payus mungguh di rupa pisan eta wanoja wanoja teh. Geulis tapi kalakuanna euweuh rasa ngahargaan diri sorangan. Eta bahasa nu dipake na teu weleh nyambat sasatoan wae. Jiga na mah ngararaji sato eta barudak teh. Heuheuheu...

Jajauhaneun ti sifat sajati awewe anu bisa jadi pipamajikaneun ai kitu mah nya baraya. Lebar... lebar pisan. Ai lalaki mah geus teu aneh lamun ruang riung jiga kitu, tapi ai awewe mah beda deui carita na. Teu pantes nya baraya. Naha bet teu pantes? Harga diri awewe mah leuwih mahal tibatan harga diri lalaki. Awewe teh perhiasan pikeun lalaki hirup di dunya. Ai nu ngaran na perhiasan lamun can dikapimilik mah disimpen na ge di kotakan, di simpen dina jero kaca anu bersih tur herang, dijaga na ge ayeuna mah make tehnologi kemanan anu canggih, lamun kakebulan di usapan di pusti-pusti, ngarah anu rek meuli na ge moal satengah hate ai perhiasan na alus jeung bersih mah. Kitu oge awewe di dunya ieu, lamun geus kakebulan saeutik ge bisa turun harga. Matak sok hariwang ka para wanoja jaman kiwari. Karunya ka kolot-kolotna kuring mah. Eta teh karek tinu hiji conto baraya. Loba keneh diluaran mah anu kitu teh, malah leuwih ti kitu wungkul. Na'udzubillah tsuma na'udzubillah..

Geus jadi budaya kajadian kitu teh kiwari mah deuleu. Mana atuh budaya ketimuran urang teh? Anu ti baheula diagung-agungkeun, anu ti baheula jadi ciri masarakat timur, ciri masarakat urang, ciri bangsa urang. Apanan budaya teh aya patula-patalina jeung peradaban. Ari peradaban teh ciri maju jeung mundur na hiji bangsa. Lamun budaya hiji bangsa ancur, bangsa na oge ancur. Ronjatkeun deui budaya urang teh, ronjatkeun deui ciri bangsa urang teh. Ulah kalindes ku budaya batur, ulah kalindes ku budaya deungeun.

Lamun dipikir dibolak-balik, dipapay dirasa-rasa. numutkeun katerangan Rasul salah sahiji tanda na kiamat geus deukeut teh panon poe bijilna ti kulon. Tah geus kabuktian ayeuna mah deuleu. Bener ayeuna mah geus katingali ti kulon panon poe teh. Naha da cenah angger unggal isuk-isuk panon poe bijil na ti wetan. Ari mikir teh ulah ngan saukur diteureu buleud tinu omongan wungkul. Kudu di teuleuman deui atuh.

Ceuk ilmu pengetahuan mah moal mungkin panon poe bijil na boh ti wetan boh ti kulon, da ceuk ilmu pengetahuan mah panon poe teh cicing. Bumi anu muter, ngan katingalina jiga panon poe anu usik bijil ti wetan. Tah neuleuman ieu mah meunang na ku pilosopi. Ceuk pilsup pilsup mah ari panon poe teh aya patula-patalina jeung kahirupan. Panon poe jadi sumber kahirupan di alam dunya ku cahaya na nyaangan bumi. Tah kahirupan urang teh ayeuna mah kumaha ceuk kulon wae lain ceuk wetan deui. Hahargaan kumaha ceuk duit ti kulon, dollar tea katelahna. Budaya ge geus nurut ka kulon, sagala rupa kulon jeung kulon we nu diagung-agungkeun teh. Karasa atawa teu karasa ieu teh geus kajadian. Astagfirullahaladziim...
Na'udzubillahimin dzalik...

Mudah-mudahan we atuh urang anu hirup di jaman kiwari teh paham kana kaayaan di sabudeureun urang. Ulah poekeun awas, ulah pondok lengkah. Kudu awas kana naon hal rupa-rupa kajadian. Salian ti eta urang ulah nepika ngilu ancrub ka nu kawah anu katingalina alus tapi dan ngaran -ngarana kawah mah panas. Bisa bisa urang kaleob ku kawah na. Kawah candra dimuka bisa ngagodog jelema anu hina jadi satria, tapi kawah naraka mah ngagodog satria jadi jelema anu hina. Ku kitu na hayu baraya, urang sauyunan. Paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay tangan. Rempug jukung babarengan. Nu jauh urang deukeutkeun, geus deukeut urang layeutkeun, geus layeut urang paheutkeun, geus paheut silih wangikeun. Gemah ripah repeh jeung rapih, silih asah asi jeung asuh. Siliwangi anu sajati ngajati kana diri ku asih ti Gusti nu Maha suci.

HURIP SUNDA.
HURIP BANGSA INDONESIA.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Ari jelema kiwari mikir na kumaha ??!!

Ieu judul postingan teh moal kapanggih naon maksudna lamun teu dibaca nepi ka tamat. Matakna maca na nepi ka tamat nya. Saacan na kuring re...